BABANYOLAN BANYOL URANG SUNDA

BANYOL 1:


SALAH SANGKA
Kareta Api barang nyemprung ti wetan ka kulonkeun.
Kabeneran disisi rel nu deukeut ka station aya tukang
lotek keur ngebut-ngebut elap beureum na sabab
dagangannana geus beak kari samarana wungkul.

Ningali di hareup aya nu ngebut-ngebut lamak beureum,
Masinis ngerem kareta api da disangkana aya
bahaya. Terus nolol tina kaca jandela bari nanya ka
tukang lotek: "Aya naon, Bi?”….

"Teu aya nanaon, mung kantun samarana wungkul!"...


BEO PINTER
Tukang beo : “Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang nyaritana.
Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal nyarita, "Wilujeng enjing, Pa!"

Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana beda deui, "Wilujeng sonten, Pa!"

Mangga saha anu bade ngagaleuh!”
Nu rek Meuli : Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu ti tatadi ngadengekeun ujug-ujug pok
nyarita : Atuh rag-rag uingna, goblog!...


MIHAPE KUDA
Kusir: "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak: "Sieun nyepak atuh."
Kusir: "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak: "Moal ah, sieun kabur."
Kusir: "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk
Emang oge, kuda bageur."
Budak: "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"



(portallworks)

1 komentar:

zel heartnet mengatakan...

aha aha aha....
sekalian ue..
anu cangeghar tea..
wkwkwkwkwk..
a : mank ai tim ayam sabaraha..??
b : lima rebu..
a : mahal geuningan..
b : lain tim ayam att anu murah maa..
a : naun att..??
b : yeuh,, TiMundung..
wkwkwkwkwkwkwk...

Posting Komentar

Please be a member and put your comments here.